"Timana Ceu jiga nu rusuh...?"
"Ti rumah sakit kang.....!"
"Aya naon Ceu...?"
"Aya naon Ceu...?"
"Aya dokter, aya suster jeung lolobana nu gering.....!"
"Eh.. maksud teh aya uru
san naon ka rumah sakit...?"
san naon ka rumah sakit...?"
"Oohh..pan anak euceu ngajuru...!"
"Oohh.. Nyi Enok Ceu....?"
"Oohh.. Nyi Enok Ceu....?"
"Enya..!"
"Naha bet ka rumah sakit, ceunah ngomongna rek ka bidan..?"
"Naha bet ka rumah sakit, ceunah ngomongna rek ka bidan..?"
"Puguh karek dalapan bulan reuneuhna oge . ceunah mah *temperatur..*..!"
" *Prematur* meureun....?"
"Tah eta..ayeuna oge orokna disimpen dina *kompresor.*..!"
"Tah eta..ayeuna oge orokna disimpen dina *kompresor.*..!"
" *Inkubator* Euceu...!"
"Ach teuing pokona mah kitu we..!"
"Ach teuing pokona mah kitu we..!"
"Tapi salamet duanana...?"
"Puguh indungna mah pendarahan kudu *transmigrasi,* seep dua kantong puguhan.....!"
"Puguh indungna mah pendarahan kudu *transmigrasi,* seep dua kantong puguhan.....!"
" *Tranpusi* nu kitu mah Ceu... ari orokna teu nanaon Ceu...?"
"Puguh panas, tadi ge diasupkeun *tespen* kana kelekna, sugan we orok teu *sutet....!"*
"Sanes *sutet* tapi *step* ceu...naha bisa prematur si Nyai teh ceu...?"
"Teuing, tapi ceunah mah indungna loba teuing dahar emih....emih tea jaman ayeuna mah loba nu make *pormulir....!"*
" *Pormalin* sanes *pormulir* Ceu...!"
"Duh salah wae ngomong teh...!"
"Duh salah wae ngomong teh...!"
"Ari eta si Nyai dicandak kerumah sakit mana....?"
"Eta nu di Cicadas, mun teu salah mah rumah sakit *tante Yusup*...!"
"Eta nu di Cicadas, mun teu salah mah rumah sakit *tante Yusup*...!"
" *Santo Yusup* ceuceuuu...,
geus ach lieur, balik Ceu ach....!
geus ach lieur, balik Ceu ach....!
"Mangga..!" яеняеняен

No comments:
Post a Comment