*
Dina hiji waktu aya preman make kuda ulin ka leuweung nu kawentar angker jeung pikasieuneun.
Palebah jalan nu angker aya oray hideung gede ngahalangan jalanna, kontan kudana eureun ngadadak. Srreeet si preman ngaluarkeun pedangna rek nyabet oray hideung..
Waktu pedang na geus diayunkeun, ngadak-ngadak oray teh ngomong, atuh gancang leungeunna direm.
"Ampun... tong dipaehan kuring"
Si Preman reuwas kacida eta oray kunaon bet bisa ngomong? Ah dasar preman, teu borangan.
"Na saha maneh naon untungna teu maehan maneh?"
Terus Si oray ngomong deui .
" Tong dipaehan.... kuring nu ngageugeuh di dieu."
"Kuring bisa ngabulkeun 3 kahayang anjeun"
Si Preman mikir, tah ieu kesempetan.
"Bener maneh bisa ngabulkeun tilu kahayang kuring?"
Si Oray ngajawab, "Bener, pok geura nyarita!"
Terus si Preman teh ngomong 3 kahayangna:
Kuring hayang:
1. Beungeut kuring kasep meh
loba awewe nu bogoheun.
2. Loba duit sangkan bisa
kabeuli naon nu
dipikahayang.
3. Parabot bobogaan kuring
sagede bobogaan kuda nu
ditumpakan ku kuring.
Si Oray nyanggupan 3 kahayang Preman tea...
Si Oray :" Jung geura balik kukuring geus dikabulkeun kahayang maneh. Ke geus nepi imah, pek pariksa."
Terus si Preman gura giru balik geus teu sabar hayang ngabuktiken omongan oray nu ngageugeuh leuweung tea..
Barang nepi k imah terus nempo kana kaca. Bener beungeutna ganti jadi kasep.
Terus muka lomari, bener pinuh ku duit gepokan.
Panasaran kahayangna nu katilu. Kalaksanakeun henteu? Barang morosotkeun calanana, gebeg hatena ngagebeg. Panonna molotot. "Cilaka duabelas, kuring salah mawa kuda. Kudana kuda bikang"... Jadi nu uing jadi bikang🙈🙈🙈🙈
🙏🙏😁😁😁😁
Wilujeng wayah kieu😃

No comments:
Post a Comment